Carita Kuring Jeung Bapa

Saprak Ema datang, mulang ti Arab!, kaceuceub uing ka Bapa, nu di ipuk salila-lila, jadi leuwih ngarandakah, ka cebor ku kanyaah Ema, nu taya watesna. Aya dosa nu nyuruwuk, nyasaak hate, mun panon uing pareng amprok jeung sorot soca anjeunna. Ema siga nu surti , tur apal kana kila-kila. Basa dina hiji peuting, hordeng kamar, disuaykeun deui ku Bapa, sorot panon na nu moncorong beureum, atra ka tingali, ngagedurkeun magma na jero dada Uing. Ranggoas leungeunna, nyolodor !, cupu-capa, kana sagala nu biasa di rarampa ku manehna, siga nu biasa dilakukeun baheula, waktu keur teu aya Ema. " Saurna, Bapa!, Tos Jangji, moal sakali-kali deui !?" Lumengis kuring, ngan di denge ku angin, nu ngulampreng, nyusup tina sela-sela jandela kamar. Peuting eta, mangrupa peuting panungtung uing, ngambeu renghap Bapa nu bau hangru. Seuri kapeurih, awor jeung inghak, basa uing ngelap getih nu masih ngaley ,na seuseukeut balati . Di kamar sabeulah, Ema, masih ngagebra, rarayna kaciri geulis kacida!.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Abi Ceuceu: bakat ku ceuceub,,,kapoekan,,,,
  2. Entjep Sunardhi: Anteb caritana,beres basana najan aya saeutik nu kudu disarungsum,lebah rarangken hareup "di" jeung "ka" nu kudu ngantet kana kecap pagawean.
  3. Ahmad Yani: @Abi Ceuceu : Heu heu heu .. tos teu kiat nahan ka ambek, panginten Nun ! hi hi hi !!
  4. Ahmad Yani: @Kang Entjep Sunardhi : Hatur sewu nuhun kana panggeuingna Nun!, ka tampi pisan, tangtos seja di estokeun pisan. Rumaos masih keneh sok getas harupateun ..he he he ! ( Haturan wilujeng Siang Ang Entjep, baktos sim kuring, kangge kulawargi di Bumi ! )
  5. Iwan R Jayasetiawan: Siang Kang Ahmad Yani. Ambek nyedek tanaga midek.
  6. Irman Dimyatie: hade pisan. ngumbarkeun amarah dina dada....... beu...!!! aya puas... hariwang.... handeueul.... jeung sajabana.
  7. Dang Q'most: hade, sapuluh jempol kang.
  8. Ahmad Yani: @Iwan R Jayasetiawan : Heu heu heu ...tos cape Ang !, balas dipaksa nangkarak ! ha ha ha ha !!
  9. Ahmad Yani: @Kang Irman Dimyatie : Mun emut kana cariosan Kang Irman mah, tadi na bade di piteskeun tah popongkolna teh ! hi hi hi hi hi
  10. Ahmad Yani: @Dang Q' most : Hatur lumayan, etang-etang landong baeud ! hi hi hi !
  11. Eel Nurlaela: Ah tong nu kitu ath kang !ngeri !tong cerita pembunuhan !ngeri ah !
  12. Ahmad Yani: @Eel Nurlaela : hi hi hi hi.... nuju resep nguyupan getih manawi Neng !, bongan tuda ..hoyong ci kopi, teu kapese gula ! ha ha ha ha !
  13. Erna Rusnawati: Ieu salila ieu dipikahariwang teh. Kasieun hiji indung, hiji guru mun budak-budak ditinggalkeun jauh ku indungna! Astagpirullohaladzim
  14. Yanti Sri Budiarti: Ihh..Ah..!
  15. Ahmad Yani: @ Erna Rusnawati : Sumuhun rupinamah kana kitu, bongan ningan ari nafsu mah, teu gaduh soca !, teu ieuh pulah-pilih, antukna nu nampeu ,remen janten korban angkara murka !
  16. Ahmad Yani: @ Neng Yanti Sri Budiarti : Kunaon Neng !? bet ... Ihh ..Ah ! ? hi hi hi hi !!
  17. Eel Nurlaela: Kang yani @ cobi janten udang !kapeser cobi gula !hehe
  18. Ki Hasan: Mindeng manggih beja jiga kitu teh dina koran. Karekam ku fikmin. Jempol.
  19. Yanti Sri Budiarti: Teu rido aya bapa siga kitu..! Bararaid...!
  20. Ahmad Yani: @ Ki Hasan : Nu kantos lebet kana koran teh, mung nu kaleresan ka ambeu ku nu sok nyungsi warta, padahal korban sanesna nu teu tiasa wakca, rupina langkung seueur jumlahna !. Hatur Sewu Nuhun Ang ! kana apresiasina !
  21. Ahmad Yani: @Eel Nurlaela : he he he he, enya rupina kedah janten udang heula, haduhhhhh ...tos asa sarot-rot teun, hoyong nguyup cikopi, Cobi punten atuh lah , manawi aya bade ngeclok heula sapuluh juta ! mah !! heu heu heu !
  22. Ahmad Yani: @Yanti Sri Budiarti : Upami aya Bapa siga kitu, hayu urang sami-sami, tewak ku sararea, urang poe di tengah lapang, urang gantungkeun na tihang listrik, teras setrummmmmmm !!! hi hi hi hi !
  23. Eel Nurlaela: Beugh ari akang !mani teu kintn2 ! Da neng mah sanes Udang di balik Pilkada dll ath kang ! Abdi mah mung saukur urang kampung Bau lisung 'nu tukang buburuh nutu !hehe
  24. Ahmad Yani: @Eel Nurlaela : Ambuinggg ...!, kutan salira teh, tos lami layeut sareng halu ?, panginten atuh, dampal panangan salira, katingal sakitu leucirna, da balas di angge nutu. Asa waas upami pareng nu Caang Bulan, panginten salira teh sok rajeun ngahaleuang bari ngagondang, ngalesangan lisung, ku tungtung halu nu sakitu tos laleucirna ? hi hi hi hi hi !
  25. Iman Nurdin M-Top: kapameng padahal mah, ema nu geulis ge sakalian we atuh disikat....hehehehe
  26. Ahmad Yani: @ Iman Nurdin M -Top : Heu heu heu .... kantenan ari ka ema mah, tara ieuh ka langkung, saurna teh, sok sanaos tos benten tejehna ge ! ha ha ha ha ha !!
  27. Iman Nurdin M-Top: maksad pameng teh si emana sakalian we pateni, ambeh genah tumaninah, hehehe
  28. Eel Nurlaela: Kin " heula ah " kamana Jurusana tah ! Bilih jiga kang Iwan di tanjakan emen yeuh !
  29. Ahmad Yani: @Iman Nurdi M-Top : Haduhhh... hawatos atuh da si Ema mah, jalmina soleh ! he he !
  30. Ahmad Yani: @Eel Nurlaela : Tong Hariwang, ... tong sieun, da ieu mah benten sareng Jalur Route Kang Iwan ! ha ha ha ha !
  31. Eel Nurlaela: Oh muhun Pami kitu mah moal kabur !hehe
  32. Inda Nugraha Hidayat: kaceuceub nu nanceb ti awal tepi ka ahir ... dipungkas ku seuseukeut balati niruk ati ... peurih, Ang ...
  33. Ahmad Yani: @ Ang Inda Nugraha Hidayat : Taya deui jalan rupina Ang, Iwal ti kapaksa kedah nitipkeun seuseukeut balati, dina elak-elakannana ! he he !!
  34. Ya Soebarta: Edaaaaan si akang, matak aweuhan pungkasanana "ema masih ngageubra rarayna kaciri geulis kacida.." duh induuuung...! raooooos ang.
  35. Jejen Jaelani W: Beu aya ku cacida eta nu jadi bapa tega merkosa nu janten putrana.... boa-boa pangalaman..... hehehehe...
  36. Hadzy Dkc Propitious: @Ceuk basa dayak mah ieu carios teh ajib pisan...rajapati...
  37. Deden Abdul Aziz: Rintih basa jeung caritsna, Ang. Tiasa multitafsir soal getih nu ngaley. Getih enya si bapa, getih enya si kuring (awewe), atawa getih metafor tina kaceuceub nu awor jeung katideresa. Jempol pol!
  38. Godi Suwarna: :"Fikmin hardrock ieu mah, yeuh...! Lalawanan tina fikmin kayas. Lapak janten saimbang. Siiip dekh...!
  39. Ahmad Yani: @ Ya Soebarta : Nyeri jeung peurih, nu geus di sidem salila-lila, si horeng mampu ngadorong kawani, nu teu disangka-sangka. Hirup ngan sakali, seuseket balati nu ngajadi saksi. Jalan bebeneran kapaksa kudu dipungkas ku ngaleyna getih..... ! kapaksa.... kapaksa..... kapaksa... !! dumeh isin kuraray ema !!!
  40. Ahmad Yani: @Jejen Jaelani W : Heu heu heu... tampolana pilihan jalan hirup, teu weleh ngandung konsekwensi. Totorose nyiar kipayah , jauh ka negeri deungeun, teu kaduga, ninggalkeun lolongkrang nafsu nu teu disangka-sangka. Duhhhh.... ieung, eta getih ...nu di galey, getih nu ngocor tina getih sorangan ... !.
  41. Ahmad Yani: @Hadzy Dkc P : Rajapati rerencepan, meulah peuting, nu anteng,nyawang hiji jalma, nu teu apal, keur ngaguley getih, nu ngocor tina sungapanna sorangan ! heu heu !
  42. Ahmad Yani: @Kang Deden Abdul Aziz : Hatur sewu nuhun kana apresiasina Ang !
  43. Ahmad Yani: @Godi Suwarna : Hatur sewu nuhun Kang Perbu ! , rada nuju hoyong nyerat nu rada-rada " Hardrock" nyeta, bongan hujan di Cimahi, nuju sakieu ngagebretna, sapertos getih nu ngucur tina tungtung peso balati ... heu heu heu ...!